
Pulau Komodo akhirna kapilih jadi salahsahiji tujuh kaajaiban dunya versi organisasi New7Wonders.Panitia pulau Komodo di Indonesia ngaku geus narima bewara resmi ngeunaan kapilihna Komodo.
Organisasi New7Wonders geus ngumumkeun hasil itungan, Sabtu (12/11).Salian pulau Komodo, nurutkeun situs resmi organisasi kasebut, Halong Bay (Vietnam), Amazon (Amerika Latin), Pulau Jeju (Korea Selatan), Table Mountain (Afrika Selatan), air terjun Iguazu (Amerika Latin), Puerto Princea Underground River (Filipina).
Katujuh tempat nu ayana di sababaraha nagara ieu kapilih dumasar tina dukungan/pangrojong masarakat panglobana. Salian tina situs organisasi kasebut, dukungan eta bisa oge ngaliwatan pesan singket (sms) dina telepon seluler, kawas nu dilakukeun di Indonesia.
Kapilihna pulau Komodo ieu, ngajadikeun kabanggaan keur Indonesia, kumaha para mitra sadaya kantos ngintun sms kanggo ngadukung....?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar