2.2.12

"Nyegik."

Neangan kakayaan ku cara nyegik,nyaeta ngagunakeun elmu muja ka siluman, kawas babi, atawa bagong ayeuna masih keneh aya. Jalma nu ngalakukeun hal eta kudu jadi babi heula.  Ceuk carita, dina ngalakukeun praktek nyegik, di imah nu ngalakukeun pasugihan nyegik, aya nu ngajaga cempor/lantera atawa lilin nu ditempatkeun dina baskom di eusian cai.


Biasana tugas ieu dilakukeun ku pamajikan,  dimana salakina ngajelma jadi babi atawa bagong. Lamun hurungna eta lantera/lilin jiga nu katiup angin atawa kikiceupan tandaning aya bahaya, kukituna kudu gancang di pareuman.  si pamajikan/istri  kudu tetep ngajaga eta baskom nu aya caian sarta lantera/lilin, lamun poho atawa kasarean, dina waktu panon poe bijil, eta salakina tetep jadi babi atawa bagong, ku sabab kitu aya nu di sebut bagong kajajaden (babi jadi-jadian).


Salah sahiji ciri jalma nu neangan kakayan samodel kieu, biasana sok terus we  nga-renovasi(ngomean) imahna, tapi dina bagean anu tangtu sok aya nu teu di rengsekeun/di anggeuskeun, misalna ngawangun ruang tamu  atawa dapur, aya nu diantep teu di anggeuskeun saolah-olah beakeun duit/dana.


“Tah, saperti ayeuna anu keur aheng heboh diributkeun masalah peralatan rumah tangga dewan di Gedong DPR teu jauh ti kitu, ampir sarua ngalakukeun elmu pasugihan nyegik.” Sagala rupa nu dilakukeun ngarenovasi itu jeung ieu di gedong wakil rakyat eta, jigana teu obahna kawas jalma nu neangan duit  ku cara nyegik.


Sabara dana/waragad keur renovasi ruang Bangar, sabaraha dana keur  lapangan parkir, renovasi toilet, sabaraha dana keur nyetak kalender, anggaran keur vitamin kabugaran para anggota dewan, anggaran keur pangharum ruangan, sarta anggaran-anggaran nu sejen supaya para anggota dewan digawe genah tumaninah. “Sanes sadayana nu diangge ngarenovasi teh duit rahayat.? “Padahal masih keneh seueur rakyat nu mariskin, tong boro gaduh pacilingan nu mewah, masih seueur imah rakyat ampir rugrug, tingali barudak sakola meuntas walungan bari nete jambatan nu ampir peunggas, teu acan ratusan sakola ampir rugrug.”


Jigana ieu nu disebut “Pulitik Nyegik” jiga sakadang bagong kajajaden. Nyedot dana-dana ti rakyat keur kaperluan nu tacan kadesek. Padahal, kaayaan ekonomi rahayat kiwari morat-marit loba nu ngajerit. tah kitu meureun duka nyambung duka henteu ieu tulisan, ngarana ge ngadu bako...hapunten.    

1 komentar:

yung fajar mengatakan...