12.4.12

Ngawangkong...

Otong jeung Ocid  ngobrol soal kaayaan barudak sakola jaman kiwari..

Otong: ‘Cid, Barudak SMA nu deukeut imah kuring kacida baladeur euy, gawena ngan tawuran jeung tawuraaan we..!!’

Ocid : ‘Ah eta mah masih mending! Barudak sakola di deukeut imah kuring leuwih parah siah, unggal poe murid lalakina lamun sakola sok BAWA INUMAN!! Terus murid awewena tara MARAKE BH.. !! Geloo teu…’

Otong: ‘Wah, nu bener Cid??  Naon ngaran Sakolana?

Ocid : ‘TK PELANGI’.

Otong: Beduu…L siah!

SUNAH MALEM JUMA'AH

Icih : Pa, ceuk Ulama, Lamun urang maen 1x dina malem juma.ah ( nurutan Sunah Rasul  ) hartina urang teh maehan 40 jurig.
Udin : Ohh kitu nya mahh.... Lamun 2x kumaha tah ??
Icih : Hartina urang teh maehan 80 jurig *Bari Seuri Gumeulis*
Udin : Lamun 3x mah ???
Icih : nya 120 jurig atuh !!!
Udin : Lamun 4x ???
Icih : 160 Jurig tah dipaehan...
Udin : ke....lamun maenna 20x kumaha mahh ???
Icih : Sarua we eta mah jeung maehan aing JUURRRIIIIGGGG !!!!!! *Bari Nakol Sirah Si Udin make gayung*
 
Aya banci nu ngalayat ka pemakaman tatanggana, salse dikureubkeun si banci nanya Ka Pak Haji.
"Pak Haji pan lamun pameugeut nu maot disebutna ALMARHUM, upami Istri disebutna ALMARHUMAH, upami Banci engke mun maot disebutna naon Pak"
"Pak Haji bari ngahuleung jeung keurung terus ngajawab, mun banci maot disebutna ALUMUNIUM"
Si banci olohok bari kukulutus..
"Helllloo."
Eikeu kan Banci pak Haji, lain PANCI" Hehe

Tidak ada komentar: