15.8.12

URANG SUNDA

Kamaranaa… ari Urang Sunda, 

Disebut euweuh aya, disebut aya euweuh,

Kamaraaanaaaa…atuh,,!

 

Urang Sunda kamarana

Urang Sunda dimarana

Urang Sunda urang mana

Urang Sunda anjeun saha

 

Naha ngan sa ukur nu ngeusian pulau jawa

Naha ngan sa ukur lalajo bari tumewa

Gancang geura hudang, buka ceuli buka mata

Geura tembongkeun Urang Sunda oge bisa,,,

Bisaaaaaa….

 

Tembongkeun urang oge bisa mela nagara

Tembongkeun urang oge bisa jadi pamingpin

Urang oge bisa nangtung ajeg jeung kawasa

Lain ngan sa ukur bisa unggeuk jeung kumawula

 

Si Kabayan Urang Sunda,Urang Sunda lain si Kabayan

Si Kabayan Urang Sunda, Urang Sunda ulah jadi si Kabayan

 

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli

Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan

Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun

Atawa calangap ngitungan bentang di langit

 

Lamun urang kabeh reueus jadi Urang Sunda

Pikiran deui naon nu dipikareueus

Lamun Urang Sunda kabeh jadi si Kabayan

Kuring melang.......

Ukur bisa kababayan......

Salawasna kababayan.....

 

Sok, buktikeun lamun enya Urang Sunda teh aya keneh

Tempokeun yen urang teh aya keneh,,,

Ulah siga ayeuna, disebut aya da teu kaciri....

Ari disebut euweuh da.... loba keneh nu ngaku aya,,,

Kamaraaanaaaaa... atuh Urang Sunda teh euy !

HUDAAAA......NG.........!!!

Salajengna...