22.4.09

Carpon

Ditambut ku ibu Guru

Budak babaturan kuring di kantor, lalaki kelas 2 SD. Sanajan geus kelas dua tayohna mah can ngartieun yen ari keur ulangan teu meunang niron. Kana sakolana mah getol, tara keleked, unggal isuk hudang tara kapiheulaan ku lanceukna. Gura-giru ka cai brus mandi gesat-gesut dibaju disaragam ku sorangan. Ngan palebah sarapan sakapeung sok teu pati lancar, biasa mun rencang sanguna kurang panuju. 


Tapi da indungna tulaten, mun pareng keur hese sarapan, sok diolo bari dibebenjokeun malar budak kabangbalerkeun anu antukna daekeun dahar. Hiji waktu pas keur UAS (ulangan) budak the ngalakukeun talajak pikaseurieun. Singket carita saberesna ngabewarakeun rek diayakeun UAS, memeh dimimitian, alat-alat sakola kayaning buku, kantong jeung sajabana kudu diasupkeun kana laci. Rengse ngaroris murid kalayan taliti, taya barang patulayah dina meja, ibu guru nguriling ngabagi soal UAS.


Sawatara jongjonan kaayaan jempling lir gang katincak, laju ibu Guru ngawurukan cara-carana ngeusian soal  katut ngawanohkeun waktuna. Kacaritakeun geus satengah jam barudak ngarusey ngerjakeun soal. Budak babaturan kuring oge sarua anteng, tapi niron tina buku. Sabot kitu kareret ku ibu Guru, ilaharna Guru SD, salabar jaba tara poksang ari nyarek. Ningali murid keur anteng niron, geuwat disampeurkeun, pok sasauran, “Dika, bukuna ditambut nya?”


Bari mencrong budak teh unggeuk, teu ngarti yen manehna teh geus ngalakukeun “palanggaran”. Barang waktu UAS geus cunduk kana lekasan, murid-murid sungsong mariksakeun kertas UAS ka ibu Guru, iwal ti budak babaturan. Nempo kitu ditanya ku ibu Guru “Dika atos ngerjakeun soal teh ?” Tanpa mikir heula budak teh ngawalon pokna “Teu acan, pan bukuna ditambut ku ibu Guru”. Eta mah ibu Guru, harita mun wasa mah hayang ngabarakatak tapi pamohalan tungtungna budak the dipiwarang uih ngingetkeun jam sakola geus lekasan.


Dicaritakeun deui ku : Aminah - Cijambe    

Tidak ada komentar: