25.4.09

Ngarujak

Ku Samar Dahana


Emaaa...?. “Aya naon, Sujang...? uluh, naon tateh tiburayot? Geuning jiga jambu aer.!”. “Enya, pan pesenan Ema tea. Kenging mulungan di teun Bah Oca.”. “Mani ampir satengah poe mulung jambu teh.”. “Mulung jambu mah mung sakedap. Lami soteh ngajejentul handapeun tangkal buah, ngadagoan buah ngora murag teu pluk waae. Arek dibaledog, Bah Oca-na nulak cangkeng wae diburuan. Kenging ge buah alit, tah!”. “Buah hakaneun jurig atuh sagede jempol leungeun kieu mah.Piceun kaituh kana wadah runtah. Sakalian bejaan Ceu Mimin, urang ngarujak tea kituh. Tong poho mawa batur rujakeunnana...jeung duh. Na Sujang maneh mah jambu buruk dipulung, nambah-nambah runtah!”.


Indungna milihan jambu, Si Ujang mah belenyeng ka imah Ceu Mimin. Pakel mah teu dibawa, cul we. Abong budak, panitah ngan sahiji nu kadenge. Teu kungsi sapuluh menit, burudul teh Ceu Mimin saparakanca. Puguh we Wa Enoh indungna Si Ujang olohok. “Rek kamarana ieu teh jiga nu rek nyerbu ?” tanyana.. “Ongkoh ngageroan. Ceuk Si Ujang, candak baturna!” Ceu Mimin morongos leutik. Bruk, neundeun pibungbueun dina korsi kai. “Na ari budak. Nitah teh geroan Ceu Mimin, pedah kamari ngajak ngarujak. Sakalian bawa batur rujakeunnana...di dieu ngan boga jambu aer wungkul!”.ceuk Wa Enoh. Atuda disina baralik deui mah kuriak kahuruan. Ma’lum balad sa-RT. “Ari eta mawa naon, Min.?” Ret kana kantong keresek nu dijingjing.


“Bangkuang jeung Bonteng, ngan geus rada buruk,” ceuk Ceu Mimin. “Kuring mah nambahan boled..saeas beurit,” ceuk Ma Oneh. “Euweuh buah ngora nya...Mun aya teh seger,” ceuk Wa Enoh. Ukur memenitan , rujak jeung bungbuna ledis dironom. Rengse ngadahar rujak teh aya nu seuhah wae, aya nu ngalekik nginum. Rup-rupa. Sajam ti dinya... kabeh nyalengir bari neueul beuteung. “Nyeri beuteung euy..!” ceuk Mbok Cimot. Enya. Muhun jeung mani reang. “Aduuu...h, murilit! Euceu mah rek balik ah...teu kuat hayang ngising yeuh! Ceuk Ceu Mimin bari nyengir. Reang ngahaminan. Grup ngarujak teh teu nunggu dimanggakeun, maranehna tikiciprit baralik ka imahna sewang-sewangan kairing hujan ngaririncik.


Isukna, wanci haneut moyan, Wa  Enoh jeung Si Ujang arindit ka Puskesmas. Ngayer sapeupeuting aya kana dua belas kalina ka cai. Di Puskesmas guk-gok jeung nu ngarujak kamari. Sarua malencret, malah aya nu utah miceun sagala. Tabuh satu beurang, langit geus angkeub deui. Wa Enoh jeung Si Ujang ngagoler dina dipan, carelong. Kiceupna ge sabedug sakali.!. “Ma...? ceuk Si Ujang. “Naon, Jang?. Teup kana beungeut anakna. “Ngarujak deui yu..! ajakna. “Siiiaaaa...!”.


Isukna pabeubeurang, langit cangra. Nu marurus teh guk-gok di warung Ma Oom. Kabeh karanyos bari carelong. “Nyaan, ditinggalkeun salaki atawa kabogoh mah da wak teh teu kieu-kieu teuing. Na ari ditinggalkeun  tai..cakcak ukur sapoe nepi ka rengkebong kieu ieu awak!” ceuk Bi Encoh, Kabeh ngaheueuhan. Ngan Ma Oom tukang warung nu bangkenu teh. Bari ngaladangan ge bari kuraweud hangseur we...Eta pedah teu diajak ngarujak!***

Tidak ada komentar: