27.9.12

Ngawangun Optimisme Bahasa Sunda

Basa Sunda mindeng dibéré gambaran lemah sarta ampir pareum, anéhna, nepi ka detik ieu loba kénéh anu ngagunakeun basa sunda.Lain waé dina obrolan lisan, tapi dina sagala rupa média ogé, basa Sunda masih keneh aya.


Puluhan buku sunda masih medal saban taun,aya leuwih ti sapuluh média citak nu ngagunakeun bahasa sunda, masih aya jurusan Basa Sunda, di paguron luhur(perguruan tinggi), sarta dina sagala rupa lembaga anu ngagunakeun basa sunda masih nangtung. Atawa, coba we tempo dina grup jejaring sosial rébuan anggota aktip sarta dina blog saban detikna di pinuhan ku posting dina basa sunda.


Ulah-ulah, opini urang sorangan nu nyieun yen basa Sunda hariwang bakal pareum, padahal kanyataanana teu kitu."Wacana tentang bahasa Sunda sudah "di ambang kemusnahan",ngabalukarkeun generasi muda leuwih ngajauhan, kecuali keur sababaraha urang nu masih ngabogaan "kanyaah".


Basa Sunda kudu ditarekahan ku jalan kumaha carana utamana generasi ngora supaya leuwih kataji. Pupus rasa kahariwang/pesimis jeung ngamimitian ngawangun gerakan keur ngagedurkeun optimisme berbahasa Sunda. Lamun dina kulawarga henteu ngagunakeun basa Sunda, padahal aya di lingkungan Sunda, lain hartina yen urang geus ninggalkeun kakayaan budaya.


Loba masarakat nu milih bahasa sejen kulantaran hese diajar basa Sunda. Keur ngupayakeun hal ieu tangtuna kudu ngawangun pusat informasi pembelajaran bahasa ibu. Kuring yakin sarta optimis, basa Sunda bakal leuwih maju sarta nyebar, ulah nepikeun ka neangan harti kecap "elekesekeng" bingung.


Jumlah masarakat Sunda leuwih ti 20 juta. ieu potensi nu pohara hadena keur ngembangkeun bahasa Sunda ku jalan nyebarkeun rupa-rupa elmu ngaliwatan bahasa ibu, pasti warisan budaya tetep kajaga oge pemerataan pendidikan bisa kahontal.

3 komentar:

dinar pakuwon mengatakan...

ciburuan mengatakan...

obat jantung koroner mengatakan...