1.10.12

“Ngadu Bebe – Ngadu Bako”

Baheula, jalma bisa hirup tanpa dibarengan henpun (telepon seluler). Kiwari , loba nu kalabakan lamun henpun na katinggaleun. Baheula, jalma bisa hirup tanpa telepon pinter, kiwari jalma leuwih keneh milih katinggaleun dompetna tibatan kaleungitan Blackberry na.


Teu saeutik nu ngarasa pegat tina kahirupan sosialna jeung kawas teu boga pamuntangan dina ngajalankeun kahirupan sapopoe tanpa telepon pinter disagigireun. Jalma jadi leuwih ngeunah jeung dunyana sorangan, saolah-olah teu paduli kana lingkungan sagedengeunna.


Padahal jauh saencan henpun lahir ka dunya, masarakat adat urang ngabogaan tradisi komunikasi /ngobrol/paguneman/paadu beungeut nu kawilang akrab. Komunikasi tradisional ieu ngajaga rasa babarengan jeung kagotongroyongan dina nyanghareupan hiji masalah.


Salah sahiji tradisi komunikasi paadu beungeut di masarakat Sunda nyaeta “Ngadu Bako”. Salah sahiji tradisi di mana jalma-jalma ngariung/ngumpul keur ngobrolkeun masalah sosial, ekonomi, politik, masalah kahirupan sapopoe sarta gagasan-gagasan bari ngaroko. Kagiatan ieu disebut oge ku istilah “Ngawangkong, paguneman, atawa ngacatur.


Tradisi eta kiwari kaelehkeun ku tradisi anyar, ngadu bebe alias ngariung tapi sewang-sewangan pakepuk ngomprek blackberryna, tradisi nu anyar ieu biasana dina reunian bareng babaturan nu geus lila teu papanggih, kitu meureun...


Henpun memang  boga kaleuwihan sarta kakurangan, salaku masarakat nu hirup di jaman tehnologi informasi, tempatkeun diri jadi pilihan mutlak ulah nepikeun ka salah kaprah dina ngamanpaatkeun tehnologi eta, tempatkeun tehnologi di tengah-tengah  jeung didik barudak urang ngeunaan manpaat sarta ancaman tehnologi ieu.

Tidak ada komentar: