26.10.12

Tamba Ngalamun...

Ieu mah postingan nyatut tina mangle no. 2396 edisi 25 - 31 oktober dina rohangan barakatak, manawi bilih para wargi teu langganan majalah mingguan basa sunda...

Dokter gejul.

Dokter : “Mangga calik, cobi buka acukna! (dokter siap-siap dék napelkeun stetoskop kana dada icih)

Icih (baeud) : “Sanes abdi anu teu damang mah dok, tapi ieu, si abah!” (nunjuk ka bapana)

Dokter : “Ooohhh…, cobi abah mah ngélél wé!” 

Teguh Arianto.
Gang Nata No. 89 Binongjati 
Gambar jeung Sora.

Nu torék: “Uing mah boga telepisi téh, ari gambarna alus ngan hanjakal euweuh soraan.”

Nu lolong: “Nu uing mah sabalikna, ari sora mani ngoncrang, tapi euweuh gambaran.”

Salva.
Jl. Pangaduan Kuda 132 Tasikmalaya
Sieun.

Basa nganjang ka imah bébénéna malem minggu.

Jajaka: “Néng Ucrit, hayu ka dieu ka aa, teu kenging nangis waé atuh!”

Néng Ucrit kalah pupurungkutan sieuneun.

Jajaka: “Kadieu yap, ke dipasihan permen!”

Néng Ucrit: “”Alim ah, tétéh ogé kamari kalah digégélan!”

Tonton Hidayat
Kp. Babakan Jati-Darmaga Sumedang
Kuéh Rainbow.

Dodo: “Bi, pesen kopi luwak jeung rainbow kek..”

Ibro: “Abdi mah pesen, kopi tubruk jeung burger..”

Dodi: “Kuring mah pesen kopi paste wéh bi...”

Ibi warung: “Euuhh...dasar tukang komputer..”

Budi Gunawan
Jl. Saturnus No. 78

Tidak ada komentar: