31.10.12

Jalma Beunghar Ngaku Miskin.

Kiwari  loba jalma beunghar masih ngaku miskin, buktina ayeuna loba jalma beunghar nu ngusahakeun meunang beas keur rahayat miskin nu disebut RASKIN tea, padahal raskin teh hak na jalma miskin. Dina kaayan nu sejen, nyaeta lobana jalma beunghar nu pipilueun hayang ngasaan layanan JAMKESDA  dimana keur gering.


Teu ngan sa-ukur di desa/kampung, tapi di kota oge loba jalma nu katempona cukup (berada) nu pipilueun hayang raskin nu lain hakna. Ngarana oge raskin, jadi ngan mangrupakeun hak jalma miskin,  teu saeutik oge jalma kaayaan cukup  ngaku miskin dimana tatamba ka rumah sakit, maranehna teu boga ka-era susuruduk (kasak-kusuk) ngurus JAMKESDA atawa Surat Keterangan Tidak Mampu (SKTM). Padahal maranehna teh jalma nu kawilang aya/beunghar, boga HP, boga MOTOR baju alus sarta hirup aya dina kacukupan.


“Inget yen sabenerna Jamkesda atawa Jamkesmas teh hak na  jalma miskin,” Kusabab kitu lamun aya jalma beunghar ngadahar raskin jeung meunang kartu Jamkesda/SKTM eta teh JALMA BEUNGHAR nu hayang gura-giru MISKIN... he..he...he...

Cag ah..