28.11.12

Nu Marilih Ulah Salah Pilih...

Pamingpin minangka 'Leader' mah boga visi katut misi, ogé mampuh ngahijikeun rupa-rupa udagan demi kamaslahatan balaréa. Ari nu disebut minijer, mampuh ngalaksanakeun pancén nu diembanna kalayan hadé tur irit waragad. Hartina, pamingpin nu boga dua kamampuhan kitu, nukiwari dipikabutuh ku Jawa Barat.


Nilik kamampuhan calon, bisa tina visi jeung misina waktu kompanye, kaasup dina 'debat publik'. Kagiatan nu kawas kitu ogé kudu jadi sarana atikan pulitik keur masarakat. "Ulah ukur ngabibita jeung ngabobodo. Tapi, kudu mampuh mere gambaran, naon waé nu bakal disorang jeung kumaha prak-prakan ngalaksanakeunana."


Patingtorojolna bakal calon gupernur jeung wawakilna hade kacida, lantaran loba piliheun. Ngan masing-masing pihak nu ngasongkeun éta calon gé kudu bener-bener tanggung jawab. Hartina, nu diasongkeun téh nu pangpayusna jadi gupernur/wakil gupernur keur Jawa Barat.


Jul-jolna calon pamingpin keur Jawa Barat, mémang luyu jeung hak ogé kawajiban warga nagara. Sasaha ogé, bisa milih jeung dipilih, asal nyumponan pasaratan. Ngan katangtuan kitu ogé kudu dibarengan ku tanggung jawab masing-masing pribadi warga nagara. Hartina, mun jadi nu dipilih, kudu bener-bener mampuh ngalaksanakeun pancénna. Ngukur ka kujur! Ngukur kana kamampuhan pribadi.! Atuh, nu baroga hak pilih, kudu milih kalayan pinuh ku balitungan demi kamaslahatan kahirupan balaréa. "Ulah kumaha raména, ulah lantaran sohorna, Kedah sadar, sorana bakal nangtoskeun kahirupan lima taun ka hareup...


Salajengna...

Tidak ada komentar: