28.12.12

Lalamunan

Kungsi kuring boga kahayang, ngalamun “hayang jadi Gupernur”. Utamana Gupernur  di tatar Sunda, di Banten atawa Jawa Barat. Tangtu ieu lalamunan teh pamohalan kahontal, ceuk babasan tea mah “ngajul bentang ku asiwung,” Mun dina basa Indonesia mah “Jauh api dari panggang.” Hartina, kahayang nu moal kadongkang alias kahayang nu moal kasorang.


Timbul tanda Tanya, “Ku naon atuh boga kahayang teh teu nalipak maneh sorangan?” Dina sawangan kuring aya hiji budaya Sunda atawa kultur nu maras-miris sieun leungit, hariwang sieun tinggal kalangkang. Sok bae mangga barandungan ku dulu-dulur anu mireueus kana basa Sunda!.



Nu matak kuring hayang jadi Gupernur teh, hayang ngamumule, mulasara basa Sunda sina lugina ayana. Hayang ngajak ka balarea hususna warga nu aya di tatar Sunda, salian basa nasional.
Tah kitu lalamunan sim kuring mah, hayang jadi Gupernur teh, hayang nyundakeun urang Sunda bisi kamalinaan mopohokeun warisan karuhun. Mangga geura ayeuna barandungan nu nyarios, teu sepuh teu anom jiga nu lingsem pami nyarios ku Basa Sunda teh. Aya sakalieun nyarios pabeulit undak-usukna ge. Upami teu ti ayeuna keneh dibebenah, diwanohkeun ieu bakal langkung reksak malihan leungit sama sakali.


Di lingkungan masarakat, sakola, para pendidik oge masih seueur keneh nu teu acan wanoh, kumaha ka muridna.? Malihan di UPI (IKIP) pami teu lepat aya keneh jurusan Basa Sunda, namung di daerah kurang minat nyandak jurusan Basa Sunda.
Ku kituna, hayu atuh urang mumule, urang riksa, urang jaga, Budaya Sunda hususna Basa Sunda, muga Ki Sunda teu katalangsara!.


Emh...Deudeuh teuing Ki Sunda. Muga anjeun tong tega, kabawa ku sakaba-kaba. Kula tetep rek mirosea satekah polah moal rek bahla. Tapi.....tapi? Na ngalaman atawa moal anak incu kaula, tetesan putra Sunda???


Cag...ah..!

Tidak ada komentar: